Jumat, 03 Mei 2013

Lanca Linci Luncat Mulang

Nita Juniati

waragad geus teu walakaya...
ngan saukur nyarita teu bisa "prok" na
sabisa-bisa ngalengkah ka katuhu
kiwari kenca nunungguan
usik malik teu kalengkah
ngan saukur ngarti
kanyaah moal laas ku panas na jaman
sing percaya kana diri
kabisa lain kekesed
nya kabisa lalangit hate
satungtung kabisa jadi biasa
moal aya deui lanca linci luncat mulang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar